Jumat, 17 Februari 2012

Novel Sunda "LALEUR BODAS"

  

A.Identitas Buku
Judul                             : Laleur BODAS
Pangarang                     : Samsu
Wedalan                        : PT Kiblat Buku Utama
                                      : Jl. Gumuruh No.38, Bandung 40275
Telp/fax                         : +62227330595
Surat-e                          : penerbitkiblat@yahoo.co.id
Situs                              : http://kiblatbukusunda.blogspot.com/2007/01/laleur-bodas.html
Perancang Jilid              : Deddy Subandi
Ilustrasi Jilid                 : Yusuf Afendi
Citakan                         : Citakan ka-1, Bale Pustaka,1940; Citakan ka-2, 1952; Citakan ka-3, Yayasan Bakti Haruman, 1992; Citakan ka-4, Girimukti Pasaka, 1992; Citakan ka-5, Kiblat Buku Utama, 2002; Citakan ka-6, Desember 2009.
Tebel Buku                   : 14,5 x 21 cm.; 188 kaca
Harga                            : Rp 20.000,-
 
 
B. Kapangarangan
Laleur Bodas teh mangrupakeun carita beunang samsu. Samsu teh lain ngaran au saenyana tapi sandiasma anu diwangun ku engang mimiti jenengan duajalma anu nyusun eta carita, nyaeta Sambas jeung Susangka (ayeuna mah H. E Susangka), duanana oge tedak kuningan.
 
 
C. Tingkesan
Basri hahadéan jeung Lili. Dina hiji peuting waktu keur nariis di Haur Duni, maranéhna bet merego Didi nyieun lampah teu uni jeung Sumarni. Didi terus ngunek-ngunek, hayang nyilakakeun Basri. Basri haben diganggu maké rupa-rupa jalan. Sa¬je¬roning kitu, Basri sok remen narima surat pondok ti “Laleur Bodas”, tepi ka manéhna remen salamet tina laku jahat panggawé deungeun. Saha ari “La¬leur Bodas” téh?
“Laleur Bodas téh caritana basajan, henteu pa¬beu¬lit cara ilaharna carita mistéri, tapi henteu weléh ngahudang kapanasaran anu maracana. Pangarangna tapis pisan dina ngarasiahkeun saha saenyana “Laleur Bodas” téh”.
 
 
 
D. Tokoh jeung Panokohan
1.Basri            : Tokoh nu utami. Watakna sabar, teu taliti, wanian, nyaah pisan ka nu jadi kabogoh.
2. Lili              : Istri anu mikacinta ka basri. Watakna sabar,
3. Didi            : Nu jadi tokoh anu jahat. Watakna sombong, adigung, heuras.
4. Ghani          : Anak Buah subita. Nu jadi Laleur Bodas. Watakna hade, bageur, nyaah kana kahadean.
5. Gapur          : Anak Buah Subita. Watakna Jahat, nurut ka Subita.
6. Subita         : Tokoh jahat. Watakna goreng.
Jeung sajabana.

E. Unsur Carita
1. Alur
Pangenalan. Konflik. Klimaks. Jeung panutup carita.
2. Tema
Carita Detektip atawa Crita Misteri.
3. Katerangan
Tempatna di Kuningan.
 
 
 
F. Kaunggulan jeung kalemahan
Numutkeun simkuring. dina novel ieu aya sababaraha kaunggula jeung kalemahan sapertos kieu :
1.         Kaunggulan
- Bahasa novelna merenah, gampang dipiharti.
- Caritana matak panasaran jeung pinunjul.
- Caritana pakait rapih, caritana hese ditebak.
- Pangarangna pinter nyamunikeun saha eta laleur bodas.
- Carita cintana rame. Teu kawas carita bobogohan budak ngora nu biasa.

2.    Kalemahan
- Alur caritana teu pati cocok kanggo budak anom. Kusabab caritana nyaritakeun hiji kulawarga.
- Kalobaan dibeberkeun idetitas laleur bodasna.
 
 
By : Farhan Fairussalam
 
 
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar